KAPARIGELAN NYARITA
Hakékat Rétorika
Wangenan Rétorika
Numutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1988;746) nya éta kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan; seni pidato nu ngirut sarta ngandung sipat bombastis. Istilah rétorika asalna tina basa Latén (Yunani Kuno) "Rhetorica" nu hartina seni nyarita. Dina basa Inggris kecap rétorika “Rhetoric" hartina kaparigelan pidato atawa nyarita. Sacara terminologi rétorika dipikanyaho ku istilah "The art of speaking" hartina seni dina nyarita. Sacara umum rétorika nya éta widang élmu anu neuleuman ngeunaan kumaha cara nyarita nu miboga daya tarik jeung pesona, nepika batur nu ngadéngéna bisa maham jeung kairut haténa. Définisi rétorika numutkeun para ahli, diantarana:
Nurutkeun Plato rétorika nya éta kamampuh dina ngalarapkeun basa lisan nu sampurna, nu mangrupa pakakas pikeun hiji jalma sangkan miboga pangaweruh nu jembar tur sampurna.
Rétorika nya éta kamampuh komunikasi kalawan éféktif nu ngagunakeun basa salaku alatna (Haérudin & Suhérman).
Nu dimaksud rétorika ceuk D.Beckett mah nya éta seni pikeun ngaaféksi pihak séjén ku caritaan; cara pikeun merenahkeun unsure-unsur caritaan jeung réspon nu ngadéngé.
Donald C. Bryant nétélakeun yén rétorika mangrupa caritaan nu ngandung informasi rasional ka jalma séjén sarta ditepikeun kalawan persuasip.
Nilik kana sababaraha pamadegan nu geus diébréhkeun ku para ahli, bisa dicindekkeun yén rétorika nya éta kamampuh ngagunakeun basa lisan (nyarita) nu hadé kalawan mere gaya (seni) dina nepikeunana, udaganana pikeun ngirut jalma nu diajak nyarita, ogé maham kana naon-naon nu ditepikeun ku panyatur.
Tujuan rétorika nya éta persuasi. Pérsuasi nya éta ayana kayakinan pangregep kana gagasan nu ditepikeun ku panyatur. Hartina udagan rétorika nya éta sangkan silih maham ngeunaan naon-naon nu ngajurung kana mekarna katingtriman di lingkungan masarakat.
Salian ti tujuan rétorika ogé miboga fungsi. Aristoteles nétélakeun yén fungsi rétorika nya éta:
Miharep sangkan jalma nu diajak nyarita bisa matotoskeun jeung nyindekkeun hiji masalah atawa kasus anu disanghareupanana.
Ngaping kondisi kajiwaan paregep.
Mingpin jalma dina nganalisis hiji kasus kalawan sistematis, éféktif, objéktif, tur persuasive.
Ngajarkeun cara-cara nu éféktif pikeun mertahankeun hiji pamadegan (Syafiie,1988).
Fungsi Rétorika
Fungsi rétorika tangtu kudu nyadiakeun sarana pikeun ngahontal udaganana, rétorika perlu nyadiakeun pangaweruh jeung bimbingan pikeun panyatur, sangkan leuwih gampang ngahontal udaganana. Aya sababaraha fungsi rétorika nu leuwih penting nya éta: nyadiakeun gambaran nu jelas ngeunaan manusa, utamana dina kagiatan nyarita, mintonkeun gambaran nu jelas ngeunaan basa jeung hal-hal atawa nu bisa dijadikeunn topik pikeun nyarita, ogé ngébréhkeun gambaran nu leuwih jéntré ngeunaan masalah nyarita.
Ditilik tina aspék kaélmuan, sacara umum rétorika ngabogaan mangpaat pikeun ngaronjatkeun kamahéran nyarita jeung kamahéran nulis. Ceuk Syafii mah sangkan kagiatan komunikasi bis lancar, maksud urang bisa laksana, jeung kahirupan leuwih harmonis, salah sahijina kudu weruh kana rétorika. Hartina, rétorika kacida pentingna sabab ngabogaan mangpaat pikeun:
Ngaronjatkeun kaparigelan biantara lain ukur pikeun panyatur tapi ogé pikeun paregepna sorangan.
Ngaronjatkeun kaparigelan akademik jeung profesionalisme.
Ngaronjatkeun kaparigelan dina diri ngayakeun hubungan sosial dina hirup kumbuh sapopoé di masarakat.
Ngaronjatkeun kualitas komunikasi anu kiwari leuwih bébas jeung tanpa batas.
Kamekaran Rétorika
Élmu rétorika munggaran dimekarkeun di Yunani. Harita kamahéran nyarita disebutna techne rhetorike nu hartina élmu ngeunaan seni nyarita. Aya sababaraha jaman ngeunaan kamekaran élmu rétorika ti mimiti jaman Yunani Kuno (klasik) nepi ka Abad ka-20.
1. Rétorika Klasik
Rétorika gumelar jeung mekar di Jaman Yunani, kira-kira taun 476 SM tempatna di wewengkon Syracuse nu aya di daérah Sisilia. Gumelarna rétorika lantaran masarakat harita boga anggapan yén rétorika salaku disiplin élmu téh euweuh mangpaatna. Ku ayana éta anggapan tuluy para tokoh ngulik éta rétorika sangkan anggapan ti masarakat jaman harita téh teu bener. Aya sababara tokoh anu ngaronjatkeun deui kaleuwihan tina rétorika diantarana:
a) Corax ku “doctrin general probability” nya éta doktrin ngeunaan kamungkinan-kamungkinan umum.
b) Homer nulis buku anu judulna “Ilid” eusi bukuna ngeunaan gunem catur dina hiji rundingan para pamingpin di lembaga-lembaga pamaréntah nu disusun kalawan sistematis. Ieu eusi buku némbongkeun ogé yén urang Yunani jaman harita kacida pisan ngahormtna ka jalma nu mahér dina pidato. Tokoh anu kasohor dina widang pidato nya éta Nestor.
Jaman Yunani nepi jaman Romawi rétorika sok dipatalikeun jeung kapentingan kanagaraan . Para politikus sok ngagunakeun rétorika dina kagiatan orasina. Kamekaran rétorika klasik di Yunani jeung Roamwi nuduhkeun yén sistem pamaréntahanana ogé sangan masarakat ngeunaan pendidikan rétorika némbongkeun penan nu penting dina robahna sistem kahirupan masarakat.
2. Rétorika Abad Pertengahan
Dina abad pertengahan kahiji (40-500) sistem pamaréntah Yunani baganti jadi sistem pamaréntah kakai-saran. Ku ayana sistem kakai-saran, kabébasan mikir, debat jeung nyarita liana nu patali jeung rétorika musnah. Ku kituna peranan rétorika tina mimiti nyaritakeun masalah-masalah penting dina kahirupan bagésér jadi kagiatan nyarita nu ngutamakeun basa tinimbang eusina. Jaman harita peran rétorika leuwih kana seni pintonan (pertunjujan). Abad pertengan disebut ogé “abad kegelapan” kitu ogé rétorika sabab harita urang Kristen dipahing diajar rétorika alatan upama ngabogaan kamampuh nyarita hade bakal nimbulkeun stabilitas pamaréntah kaganggu. Taun 386 St.Agustinus ngalawan éta pamadegan, numutkeun anjeuna yén para pandita kudu jadi orator nu mahér nyarita, sanggup ngajar, tur kudu mere kagumbiraan ka umatna. St. Agustinus kungsi diajar rétorika jadi aya kawani pikeun ngabélana.
Abad pertengahan kadua (400-1400) élmu rétorika dimekarkeun di garéja pikeun jadi seni nyarita dina hutbah. Ayana Perang Salib, sabab harita dina nepikeun hutbah mimiti disalahgunakeun. Élmu hutbah harita mekar pisan sarta aya dina papayung Ordo Dominikan. Aya salah sahiji urang Ordo anu nyalahgunakeun rétorika nya éta Savonarola, manéhna diduruk lantaran ngajaekeun aliran-aliran sesat.
Tokoh-tokoh rétorika di Jaman Abad Pertengahan, diantarana:
a) Tertulianus (150-230)
b) Lactantinus (260-320)
c) Victorianus (350)
d) Aurelius Agustinus (354-430)
e) Hironimus (348-420)
f) Yohanes Chrisostomus (344-407)
g) Paus Urbanus ke-2
h) Bernadus
i) Petrus
Rétorika mimiti dipatalikeun jeung kamampuh nulis, kayaning wacana politik, pamaréntah jeung kamasarakatan.. ku dipikawanohna budaya tulis, rétorika lisan salaku seni pidato ajdi kurang paporit. Harita media tulis dianggap penting tur éféktif pikeun alat komunikasi.
3. Rétorika Renaisans dan Humanisme
Rétorika dina jaman Renaisans mekar di Italia, nu ngamekarkeunana nya éta kaum Humanisme dina abad ka 14 jeung 16. Kaum Humanisme harita pundah-pindah ti hiji universitas ke universitas nu séjén, ti kota ka kota ogé ti istana ka istana pikeun nepikeun ceramah ngeunaan Jaman Romawi jeung Yunani Kuno. Karya tulis jaman harita mekar pisan, alatan para tokoh nuliskeun ceramah, nyiapkeun bahan pidato, nulis surat, diskusi jeung debat, sarta ngajarkeun ka udak sakola ngeunaan téhnik nyarita jeung narulis buku nu eusina ngoméntaran para ahli Jaman Yunani Kuno. Kira-kita taun 90M aya buku anu judulna Rhetorike and Herennium eusina nganjurkeun sangkan digunakeun deui rétorika. Kaidah-kaidah nu nyumponan standar rétorika jaman Yunani jeung Romawi nya éta invention, arrangement, style, memory, jeung delivery.
Salian ti kaidah-kaidah standar rétorika, ayah al penting di Jaman ieu nya éta aya alat tulis cetak jeung ngésérna kagiatan rétorika, lain ngan ukur rétorika sacara lisan tapi ogé sacara tulisan. Tokoh-tokoh rétorika Jaman Renaisans jeung Humanisme nya éta:
a) Poggio Bracciolini (1380-1459)
b) Vala (1407-1457)
c) Philip Melanchthon (1497-1560)
4. Rétorika Modéren
Rétorika dina jaman Modéren dihartikeun kan seni nyarita atawa kamampuh pikeun nyarita jeung hutbah (Hendrikus, 1991). Nagara-nagara nu gedé pangaruhna kana kamekaran élmu rétorika dina jaman Modéren nya éta: Prancis, Inggris, Jérman jeung Amérika. Aya tokoh anu kasohor ti unggal nagarana nya éta:
a) Prancis: Mirabeaus (1749-1791), Napoleon Bonaparte (1769-1821) jeung Charles de Gaule (1890-1970).
b) Inggris: David Lioyd (1863-1945).
c) Jérman: Marti Luther, Adolf Hitler (1889-1945), Herman Georing (1893-1946) jeung Joseph Geobbles (1897-1945).
d) Amérika: Patrick Henerg, John Quincy Adam (1767-1848),
5. Rétorika Abad ka-20
Dina abad ka-20, rétorika mawa mangpaat tina kamekaran élmu pangaweruh modern hususna élmu-élmu paripolah saperti psikolohi jeung sosiologi. Istilah rétorika diganti ku speech, speech communication atawa oral communication atawa public speaking. Para ahli anu kasohor dina ieu jaman nya éta James A. Winans, Charles Henry Woolbert, William Noorwood Brigance, Alan H. Moonroe jeung Dr. Charles Hurst.